24 Mei 2009

Mantra

2.1 Mantra
2.1.1 Wangenan Puisi Mantra
Puisi mantra mangrupa puisi anu dianggap ngandung kakuatan gaib. Dipakéna tara sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun ditalar. Maksud anu mapatkeun nya éta sangkan manéhna bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal hiji tujuan (Rusyana dina Nurléla, 2008: 12).
Nurutkeun Rusyana dina Nurlela (2008:12-13), puisi mantra téh mangrupa puisi lisan anu kagolong kana golongan kaopat tina lima golongan puisi lisan, nya éta puisi anu patali jeung upacara, paneneda, jeung pamuji anu ditunjukeun ka rupa-rupa sesembahan.
Kecap mantra téh lain kecap Sunda pituin, tapi kecap anu asal muasalna tina basa Sansekerta. Dina basa Sansekerta kecap mantra ngandung dua harti; kahiji, mantra téh nya éta pikiran, angen-angen anu dikedalkeun kalayan tujul, dina waktu sumembah atawa dina keur muji, Kadua, mantra téh dipakéna dina upacara panglélér atawa ngistrénan nu diwujudkeun dina wangun kawih, pupujian, atawa tulis-tulisan penghormatan (il. Isnéndés, 1998: 18).
Kecap mantra di tatar Sunda téh geus kawilang ilahar sarta geus keuna deui kana harti anu dipimaksud. Malah dina naskah buhun taun 1518 ogé éta kecap teh geus ilahar dipaké, sakumaha katerangan ieu di handap.
Hayang nyaho di sakawéh ning aji mantra ma: jampa-jampa, geugeui(ing), susuratan, sasaranaan, kaséangan, pawayagahan, puspaan, susudaan, huriphuripan, tu(n)duk iyem, paparasén, pasakwan: sing sawatek aji ma sang brahmana Tanya. (Ruhaliah, 2002: 65)

Nurutkeun éta cutatan tétéla yén harita ogé puisi-puisi nu saperti kitu téh geus disebut “sakéhing aji mantra”. Bisa ditandeskeun yén masarakat Sunda baheula geus wanoh kana rupa-rupa mantra sakumaha nu disebut di luhur.

2.1.2 Gelarna Mantra
Nurutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animisme/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan karuhun (Tamsyah, 1996:15).
Mantra gelar dina wangun lisan, biasana diapalkeun. Cara nyebarkeunana tatalépa ti hiji jalma ka jalma lian. Nu miboga mantra umumna jalma-jalma nu geus déwasa atawa dianggap déwasa. Hal ieu patali jeung cara nurunkeun mantra, baheula mah teu bisa sambarangan boh waktuna boh jalmana, kitu deui carana. Dina nurunkeun mantra aya tahap-tahap nu kudu dipilampah, aya nu kudu puasa heula, aya nu waktuna teu meunang sambarangan, jeung sajabana; sakapeung aya pakakas husus nu dipaké marengan nurunkeun mantra, upamana waé parupuyan sapuratina (Ruhaliah, 2002:65)
Mantra dipercaya bisa ngadatangkeun kakuatan go’ib, ku kituna loba aturan jeung pantrangan. Hal-hal nu kudu dipigawé sangkan meunang mantra atawa mantrana teu cambal disebutna pamali, saperti puasa, mati geni, tatapa, tirakat, ngisat diri, jeung sajabana (Rosidi dina Ruhaliah, 2002:65-66). Mantra baheula teu dipaké sambarangan, tapi biasana aya tujuan husus. Cara makéna ogé aya aturanana, nu ditangtukeun ku nu nepikeun atawa jalma nu dianggap ngawasa mantra. Kahirupan mantra robah luyu jeung kahirupan manusa nu makéna. Jalma-jalma nu ngagunakeun mantra kalawan tujuan magis kiwari geus teu pati loba. Kitu deui nu ngamilikna ngan ukur golongan kolot, nu umurna geus cueut ka hareup. Nu ngora kénéh mah langka pisan (Ruhaliah, 2002:66). Jaman kiwari mantra geus dipaké bahan pangajaran di lembaga pendidikan mangrupa salah sahiji pangajaran sajarah jeung aprésiasi sastra Sunda.

2.1.3 Papasingan Mantra
Ditilik tina pungsi, paranti naon dipakéna, jeung suasana ngedalkeunanana mantra dibagi jadi genep golongan nya éta, asihan, ajian, singlar, rajah, jampé jeung jangjawokan (Rusyana dina Nurléla, 2008: 13).
2.1.3.1 Asihan
Asihan dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri urang. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14), asihan téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisan tepi ka saréréa pada asih. Matak geus ilahar dina asihan mah sok ditungtungan ku ungkara kayaning; malik welas malik asih ka awaking, atawa sih asih ka awaking, atawa sira welas sira asih ka awaking.
Aya asihan anu maksudna ngararajét haté nu lian, tapi ngararajét di dieu mah maksudna rajét ku bakating asih. Ku parna-parnana asih, nu lian bisa tepi ka teu ngeunah dahar teu ngeunah nginum. Nepi ka aya asihan nu eusina kieu; “kéjo asa catang bobo, uyah asa akar manjah, cai asa tulak bari, lauk asa bau buruk atawa nu bogoh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu beuki pagiling-giling, né banyu pagulung-gulung, né atma paheula-heula”, saperti conto ieu di handap
Asihan Si Burung Pundungi
Nu cunduk bayu si anu
nu datang atmana si éta,
reujeung satineung jeung aing
mangaka datang jeung ragana
mangka cunduk jeung bayuna
mangka baraya jeung satineung
mangka tunggal atmana
iya rasa nira iya rasa nisun
saking purbaning pangéran
asih ka asih ka awaking
nubogoh paboro-boro
nuhayang paheula-heula
nu beuki pagiling-giling
né banyu pagulung-gulung
né atma paheula –heula
mangka reujeung satineung
datungkul geusan jeung sukma
mangka lebur ucus rumangga bayahna
mangka rug-rug sagala
mangka asih ka awaking da urang reujeung sarasa,
da urang reujeung satineung
da urang reujeung sa bayu
daurang reujeung sarasa
da urang reujeung satineung
iya iku asihan sang uleut jati
asihan reumeuk salira.
(tina naskah Kumpulan Mantra: 62)
2.1.3.2 Ajian
Ajian mangrupa mantra anu dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kabedasan, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14) ajian mangrupa mantra nu dipakéna pikeun meunang kakuatan pribadi, sangkan jejem, gedé sima, boga pangabaran, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas jeung awét ngora. Kitu deui pikeun meunang karahayuan, pikeun ngajaga lembur, rajakaya, pepelakan, jeung ingon-ingon.
Karéréaana mah ajian téh dipakéna geusan meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya. Tapi aya ogé anu sok dipaké pikeun maksud nandasa nu lian, nya éta ajian-ajian anu sok diparuhit ku tukang teluh. Ieu di handap conto ajian pikeun meunangkeun kakuatan pribadi
Paranti Asup kana Bilik

Les peteng nu peteng
les leungit tandana peteng
Nini Hanatik leutik
asup kana ruas leutik
awaking Si Raga Ruas
(tina Naskah Kumpulan Mantra:29)

2.1.3.3 Singlar
Singlar nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-silemin, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan nurléla (2008: 15) singlar téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakira sok ngaganggu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, atawa tina gangguan alam kayaning ti nu guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon jeung pepelakan, jeung kasalametan diri. Singlar dipakéna geusan meunang karahayuan, jadi pikeun tujuan-tujuan anu hadé. Ieu dihandap conto singlar paranti ngajauhkeun/panolak tina sagala panyakit
Panolak sagala panyakit

Ong gambang-gambung
teluh katimpuh buta kasinglar
wong sira pada suminggah
ya wisésa
ya aing patapan masdaru
patapan daruni
ratu neluh buta ajur
Si Lumbak Si Atong
Si Ngudak Si Cocolongok
Si Kapulaga sira liman jeneng
ingsun Sutera Mangaya
luwas waluya walaidun desit
cundek kalacalu sipat nabi
Sipat iman iya Rosululloh
(tina Naskah Kumpulan Mantra:28)

2.1.3.4 Rajah
Rajah téh dipapatkeun maksudna salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling, keuna ku panggawé batur, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 15) rajah nya éta mantra anu dipaké paranti ari ngambah alas sanget, muka pihumaeun, nalukkeun siluman-sileman, nulak gawé anu jail, ngaruat, caah atawa hujan, ngajampé anu gering, pamunah impian goréng, jeung sajabana. Éta maksudna mah pikeun meunangkeun karahayuan, dijauhkeun tina gangguan rupa-rupa dedemit jeung siluman-sileman. Ieu di handap conto rajah paranti pamunah hah-hal nu matak ngaganggu kana banda atawa bobogaan

Rajah Pamunah kana Sagala Raja banda
Bisi Keuna ku Longlongan

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Nini Raja Puhara Aki Raja Puhara
ulah idi ka pepelakan aing
maring pare maring sipat sajeneng
kalawan ingsun sasipat
kalawan ingsun maojud maring datulloh
maring sipat béas
sajeneng kalawan isun
maojud maring datulloh
Sri asih ka bangsa tunggal kagungan

Sri suci mulya badan
sampurna tunggal iman
Ambu pancering iman
Bapa tangkaling iman
gagang aing gagang iman
salupih aing dadi lansip
dadi sasip dadi lancip
(tina Naskah Kumpulan Mantra: 34)

2.1.3.5 Jampé
Jampé mangrupa mantra nu dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hadé supaya jadi hadé, cageur, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 15) jampé mangrupa mantra nu dipaké pikeun nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan, upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun, jeung sajabana. Ieu di handap conto jampé anggota badan anu keuna ku panyakit

Paranti Ngajampé Ceuli nu ku Lenyé

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Sri Wilayang wiyat guna mulih guna
Sira mati yamati ya mati ya.
(tina Naskah Kumpulan Mantra: 26)


2.1.3.6 Jangjawokan
Jangjawokan dipapatkeun pikeun ménta kasalametan dina nyorang hiji pagawéan. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 16) jangjawokan téh mangrupa mantra nu dipaké pikeun milampah hiji pagawéan, anu dipalar sangkan pinunjul hasilna, sarta nu milampahna aya dina karahayuan. Dipapatkeun upama urang rék turun, leumpang, diuk, nangtung, midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, ngadeuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jsb. Ieu di handap conto jangjawokan paranti ngala lauk
Paranti Ménta Lauk

Aki Batara Gangga nu ti girang
Aki Batara Ginggi nu ti hilir
aing ménta ingon-ingon
geura top
(tina naskah Kumpulan Mantra: 07)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ngiringan