Téks Asihan
Koleksi Dede Ruska
1.3 Punika pikeun ka Sakabéh Periyayi atawa Cina Walanda
Tapana mutih 7 poé sarta mati geni 3 poé tilu peuting, mandi 7 isuk. Ieu du’ana:
Ya huu ya aku manik astagina
amer nyawané wong sajagat kabéh
lulut asih ing awaku
Teka remek badan nira teka pegat atma nira
atma nira atma nisun
ya isun déwé pangrasa
rasaku rasa teka cipta dening awaku
Laailaaha ilalloh Muhammad Rosululloh.
Tamat
2.4 Punika Asihan Lulut
Dina menyan bacana 2 kali, puasana 7 Senén 7 Kemis dibacana malem Juma’ah. Ieu dua’na:
Pulet oneng tanpa oneng
asihan pamanas rasa tunggal wekasan
sih asih kinasihan
sukma banasit pangasaku
Rasa jatining asihan
lawan putih buntel hérang
nya hérang lenyep hérang
banget hérang.
Tamat
3.7 Punika Asihan kana Dunya atawa Dagang
Tapana 7 poé mutih 7 Senén 7 Kemis, dibacana 40 kali saban peuting. Ieu du’ana:
Sun angaweruh kang andu wasani Gedong Sanga
Jud Putih kang tunggu Gedong Wétan
sumujud maring ingsun
Sang Cula Hérang kang tunggu Gedong Kalér
sumujud maring ingsun
Sang Cula Magah kang tunggu Gedong Kulon
sumujud maring ingsun
Sang Cula Lebak kang tunggu Gedong Kidul
sumujud maring ingsun
Laailaaha ilalloh Muhammadu Rosululloh.
Tamat
4.8 Punika Asihan Lamun rék Lintar atawa Nguseup Supaya Loba Laukna
Tapana ngalalab 7 poé. Ieu du’ana:
Aki Rékrék Turaya
Anak Patutan turunkeun
aing nya pangkonan sia
Banyu emas nu lénggang putih
Bayu emas nu lénggang hérang
bumi meneng bayu meneng
Ku Sang Kilat ku moncorong ratna putih
Sang Ibut Putih undur ku Sang Kilat Sakti
Ya isun sang Demit Jati.
Tamat
5.11 Punika Asihan Rosul
Tapana mutih 7 poé mandi 7 janari. Ieu du’ana:
Ya Alloh ya badan
ya nyawa ya Rosululloh
nur putih nu misésa
roh putih madep sira maring ingsun
ya isun Ratu Agung Purba Wisésa
Pangandika ning Alloh
Sumujud sira maring ingsun
ya ingsun kang misésa
ket puket atina Si Anu maring ingsun
ya ingsun pangéran nira
teka welas teka asih ka awaking
awaking ratu asihan.
Tamat
6.16 Punika Asihan Rosululloh
Tapana 7 Senén 7 Kemis. Ieu du’ana:
Ashadu ala ilaha ilalloh
lamun ngungun ka tebéh Rosululloh
lamun ngucap ka tebéh Alloh
Asihan waruga jagat
asihan ratuné sajagat
asihan cahya sajagat
asihan rasa sajagat
asihan puter sajagat
Nur cahyaning Alloh
ya isun ratuning asihan
aran Sang Emut Kasih
aran isun kang Emut Rasa
Pangéran sira nu langgeng mulya
hurip laa ilaaha ilalloh
Muhammadu Rosululloh.
Tamat
7.17 Punika Kasemaran
Tapana mutih sakawasana. Ieu du’ana:
Dina kuning da kuning
di enggon déwék beusi dom-dom Si Kayu Condong
Si Semar mulya ningsun
Ari majar ras ka awaking
teka welas teka asih ka awaking intening cahya
cahyaning rasa teleng ireng maya rasa.
Tamat
8.18 Punika Kinasihan
Tapana ngabungbang senen kemis. Ieu duana:
Sang Deg Jati Idelan Putih
ya isun Jamatulloh
nu wisésa di buana kabéh
Sang Deg Jati Idelan Putih
manik baga sawarga inten
cah hérang nu boga jat
ya isun Jamatulloh
nu wisésa di buana yahu.
Tamat
9.22 Punika Duá Piléngkétan
Tapana niis 100 poé, mandi 7 janari, ieu du’ana:
Nu makét Sang Séda Makét
nu lenyap Sang Séda Lenyap
két makét
ret purbaning Alloh
yahu yahu Alloh.
Tamat
10.32 Punika Kinasihan
Tapana mutih 7 poé, ieu duána;
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Sri Kamandatu jenenging istri,
Sri Kamajaya jenenging pameget,
Sri kama welas asih sabumi hanteu sajagat,
asih sabuana kabéh.
Tamat
11.36 Punika Piléngkétan
Tapana mutih 7 poé
Sri putih talaga teu aya kalebek meneng
ret meneng ret meneng ret meneng.
Tamat
12.45 Punika Panganggo Kiayi Karang
Tapana sakawasana atawa mutih 40 poé
Bismiasih mulaning asih
sirulloh purbaning sih,
asih sajagat kabéh.
Tamat
13.46 Punika Kasemaran Paranti Ngabojég
Tapana mutih 7 poé jeung 7 Senén 7 Kemis mandi 7 janari, makéna bari ngadéhém, ieu du’ana:
Nini Semar Aki Semar
Nini Widayat Putih Bapa Widayat Hérang
nu ngalénggang nya aing ratuné kasemaran
kama welas radén
kama asih lanang wadon tua anom
sih asih maring ingsun.
Tamat
14.47 Punika Du’a Karahayuan
Tapana senén-kemis 7 Senén Kemis
Rasa nira rasa nisun,
angger gulet pawongan dari manguneng jagat makulem,
sira asih mani asih.
Tamat
15.50 Punika Kinasihan
Tapana 14 poé mutih sapoé sapeuting matigeni mandi 7 isuk
Ini asihan Alloh
metu saking Rosululloh Muhamad pangemat rasa
Sang Kala mungguh di biwir
Sang Naga mungguh di létah
Naga Numpi sakurungan jagat
mungguh di lahunan awaking
Tamat
16.66 Punika Lulut Lamun Urang Hayang kahiji Barang
Puasa sapoé sapeuting mati geni. Ieu duána:
Milu cahya cahya Nabi Adam
Babu Hawa isun kang amati ka kening déning Alloh
sakabéh sira tetep sira
idep Si Anu maring awaking
anut ing wong sajagat kabéh.
Tamat
17.68 Punika Kinasihan pikeun ka Ratu
Puasana mandi saban malem Jum’ah 7 Jum’ah. Ieu du’ana:
Cahya Ratu Lanang arané manigur
bangsa cahya ratu wadon
manik emas mirah cahyaning Rama
manik mulya teterapé ciptaneun rarahiné
lungguhé ing mukané. Tamat
18.77 Punika Du’a Lamun Hayang Katurut ku Banda atawa Dunya.
Tapana teu dahar sangu 40 poé sarta mutih 11 poé wekasanana matigeni sapoé sapeuting macana 40 kali sapeuting.
Panongton aci manikmaya hérang
nu bakat asihan sajagat Mekah
apulet kapuket acining sajagat kabéh
ka awaking
ini Nini Buyut ratuning asihan
pikeun asih ka sajagat
Alloh asih maring Nabi
Nabi asih maring aku.
Tamat
19.98 Punika Asihan Paranti ka Kumpeni
Tapana tujuh Senén tujuh Kemis. Ieu du’ana:
Murub metu saking murgaha
amarullah datullah sipat nabi Rosulullah
Séh Sayid Bodas éta diciduhan ku Batara Guru
ya isun Batara Guru.
Tamat
20.105 Punika Asihan Lulut Dunya
Tapana ngalalab opat puluh poé dibacana saban-saban peuting sarta ulah elat
Bismillahhirrohmannirrohim
Darma haturan isun endi kagungan Alloh
kahatur maring Pangéran isun kang agung
Laillaha ilalloh Muhammadarrosululloh.
Tamat
21.115 Punika Asihan Si Burung Pundung
Tapana mati geni 7 poé 7 peuting mandi tujuh janari. Ieu du’ana:
Nu cunduk bayu Si Anu
nu datang atmana Si Éta
reujeung satineung jeung aing
mangka datang jeung ragana
mangka cunduk jeung bayuna
mangka baraya jeung satineung
mangka tunggal atmana
iya rasa nira iya rasa nisun
saking purbaning pangéran
asih ka awaking
nu bogoh paboro-boro
nu hayang paheula-heula
nu beuki pagiling-giling
banyu pagulung-gulung
atma paheula –heula
mangka reujeung satineung
da tungkul geusan jeung sukma
mangka lebur pucus rumangga bayahna
mangka rugrug sagala
mangka asih ka awaking
da urang reujeung sarasa
da urang reujeung satineung
da urang reujeung sa bayu
da urang reujeung sarasa
da urang reujeung satineung
iya iku asihan sang ulet jati
asihan reumeuk salira.
Tamat
22.116 Punika Kasemaran
Tapana mutih tujuh poé sarta mandi tujuh janari
Deuleu-deula sima deuleu
sipat katon maya katon
sipat nabi rosululloh
Sang Komara Sang Komari
Sang Komara Asih
Sri ningali Sang Komara datang
suku isun Kadi Wulung
awak isun Kadi Dangdanglaya
ya isun angguyu-guyu Ki Semar samar-samar.
Rarut jenenging mangkeluk
ilang jenenging manusa
mulih saking pulo maya
Sangiang Kulawu
sinul bocah cilik wawayangan
wawayangan ing datulloh
gurpes atiné wong
wong sajagat kabéh.
Tamat
23.118a Punika Kasemaran
Tapana sapoé sapeuting matigeni
Sang Kabulan Sang Kahédan
geura-geura datang bok kasémahan
dat hantar rasaning jati
resep resep resep ka awak aing.
Tamat
24.121 Punika kinasihan lamun Urang aya nu bakal Dipiharep kana naon baé supaya nu Dipanah Mikawelas mikaasih
Saratna meuleum menyan dina malem Jum’ah sarta maké minyak dédés. Bacana 2 kali, ieu duana sarta tapana mutih 7 poé, teu kana uyah 40 poé, mandi 7 janari.
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Pulet oneng tanpa oneng
asihan pamanah rasa
tunggal wekasan.
Sih asih kinasihan
sukma banasi si pangawa
ku rasa jatining asihan
lawan putih buntel hérang
nya hérang lenyep hérang
banget hérang
25.125 Punika Asihan pikeun ka Walanda
Tapana mutih 7 poé, ieu du’ana:
Asihan kama metu
metu pangandikaning Alloh
asihan kama metu
metu pangandikaning Rosululloh
ampat impet jembuk putih
aing nyaho ratu sia Nabi Musén.
Tamat
26.127 Punika Asihan Rambut Sadana pikeun kana Dunya
Tapana 40 poé ngetan 7 poé mutih. Macana sakawasana unggal peuting 40 kali, ieu du’ana:
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Sang Puhaci Seri Rambut Sadana
Sri kabéh pada marine ya
sing teka kidul
teka lor
teka kulon
teka wétan
ya isun enggon nira
iya isun gusti nira
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Ini asihan nisun Si Rambut Sadana
Puhaci Sang Barang Siang aran emas
Puhaci Hideung Geulis aran picis
nu mungguh ing pangambung
puhaci cinta larang aran salaka
nu mungguh ing ilat
iya isun Rambut Sadana
yahu asih maring isun
Puhaci Cinta Larang dat sia
dék séda tatapa beng Batara Rambut Sadana
nya ayana tahun
nya yana bulan
nya ayana poé waktu geusan sia
di gedong Mekah geusan jati
maka tetep langgeng
nya aing gusti sia
Tamat
27.140 Punika Rambut Sadana
Tapana mutih tujuh poé sarta ngalalab tujuh poé, macana dina minyak kalapa anu ku bulan sarta dina jum’ah nulis dipakéna dina indung leungun bari dibaca éta kalimah.
Bismilla hirohma nirohim
Sang Nyawa Naga araning lanang
Sang Nyawa Niga araning wadon
undar andir salaka gading undar salaka buwana
nunggu nunggu asihan Si Rambut Sadana
Kinaya Wayang ngaran pandé
di kuna pandékeun aing saéyon lumping kuning
mangkana podot ku curuk purutkeun
saambulat Sang Cipta Jati uriping esa
sang cipta larang uriping salaka
Sang cipta larang lénggang hérang
sang ratu rayana Sang Ratu Gajah Lumpang Sémanging
apa murub tengah-tengahing manusa
leng kasugihan.
Tamat
24 Mei 2009
Mantra
2.1 Mantra
2.1.1 Wangenan Puisi Mantra
Puisi mantra mangrupa puisi anu dianggap ngandung kakuatan gaib. Dipakéna tara sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun ditalar. Maksud anu mapatkeun nya éta sangkan manéhna bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal hiji tujuan (Rusyana dina Nurléla, 2008: 12).
Nurutkeun Rusyana dina Nurlela (2008:12-13), puisi mantra téh mangrupa puisi lisan anu kagolong kana golongan kaopat tina lima golongan puisi lisan, nya éta puisi anu patali jeung upacara, paneneda, jeung pamuji anu ditunjukeun ka rupa-rupa sesembahan.
Kecap mantra téh lain kecap Sunda pituin, tapi kecap anu asal muasalna tina basa Sansekerta. Dina basa Sansekerta kecap mantra ngandung dua harti; kahiji, mantra téh nya éta pikiran, angen-angen anu dikedalkeun kalayan tujul, dina waktu sumembah atawa dina keur muji, Kadua, mantra téh dipakéna dina upacara panglélér atawa ngistrénan nu diwujudkeun dina wangun kawih, pupujian, atawa tulis-tulisan penghormatan (il. Isnéndés, 1998: 18).
Kecap mantra di tatar Sunda téh geus kawilang ilahar sarta geus keuna deui kana harti anu dipimaksud. Malah dina naskah buhun taun 1518 ogé éta kecap teh geus ilahar dipaké, sakumaha katerangan ieu di handap.
Hayang nyaho di sakawéh ning aji mantra ma: jampa-jampa, geugeui(ing), susuratan, sasaranaan, kaséangan, pawayagahan, puspaan, susudaan, huriphuripan, tu(n)duk iyem, paparasén, pasakwan: sing sawatek aji ma sang brahmana Tanya. (Ruhaliah, 2002: 65)
Nurutkeun éta cutatan tétéla yén harita ogé puisi-puisi nu saperti kitu téh geus disebut “sakéhing aji mantra”. Bisa ditandeskeun yén masarakat Sunda baheula geus wanoh kana rupa-rupa mantra sakumaha nu disebut di luhur.
2.1.2 Gelarna Mantra
Nurutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animisme/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan karuhun (Tamsyah, 1996:15).
Mantra gelar dina wangun lisan, biasana diapalkeun. Cara nyebarkeunana tatalépa ti hiji jalma ka jalma lian. Nu miboga mantra umumna jalma-jalma nu geus déwasa atawa dianggap déwasa. Hal ieu patali jeung cara nurunkeun mantra, baheula mah teu bisa sambarangan boh waktuna boh jalmana, kitu deui carana. Dina nurunkeun mantra aya tahap-tahap nu kudu dipilampah, aya nu kudu puasa heula, aya nu waktuna teu meunang sambarangan, jeung sajabana; sakapeung aya pakakas husus nu dipaké marengan nurunkeun mantra, upamana waé parupuyan sapuratina (Ruhaliah, 2002:65)
Mantra dipercaya bisa ngadatangkeun kakuatan go’ib, ku kituna loba aturan jeung pantrangan. Hal-hal nu kudu dipigawé sangkan meunang mantra atawa mantrana teu cambal disebutna pamali, saperti puasa, mati geni, tatapa, tirakat, ngisat diri, jeung sajabana (Rosidi dina Ruhaliah, 2002:65-66). Mantra baheula teu dipaké sambarangan, tapi biasana aya tujuan husus. Cara makéna ogé aya aturanana, nu ditangtukeun ku nu nepikeun atawa jalma nu dianggap ngawasa mantra. Kahirupan mantra robah luyu jeung kahirupan manusa nu makéna. Jalma-jalma nu ngagunakeun mantra kalawan tujuan magis kiwari geus teu pati loba. Kitu deui nu ngamilikna ngan ukur golongan kolot, nu umurna geus cueut ka hareup. Nu ngora kénéh mah langka pisan (Ruhaliah, 2002:66). Jaman kiwari mantra geus dipaké bahan pangajaran di lembaga pendidikan mangrupa salah sahiji pangajaran sajarah jeung aprésiasi sastra Sunda.
2.1.3 Papasingan Mantra
Ditilik tina pungsi, paranti naon dipakéna, jeung suasana ngedalkeunanana mantra dibagi jadi genep golongan nya éta, asihan, ajian, singlar, rajah, jampé jeung jangjawokan (Rusyana dina Nurléla, 2008: 13).
2.1.3.1 Asihan
Asihan dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri urang. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14), asihan téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisan tepi ka saréréa pada asih. Matak geus ilahar dina asihan mah sok ditungtungan ku ungkara kayaning; malik welas malik asih ka awaking, atawa sih asih ka awaking, atawa sira welas sira asih ka awaking.
Aya asihan anu maksudna ngararajét haté nu lian, tapi ngararajét di dieu mah maksudna rajét ku bakating asih. Ku parna-parnana asih, nu lian bisa tepi ka teu ngeunah dahar teu ngeunah nginum. Nepi ka aya asihan nu eusina kieu; “kéjo asa catang bobo, uyah asa akar manjah, cai asa tulak bari, lauk asa bau buruk atawa nu bogoh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu beuki pagiling-giling, né banyu pagulung-gulung, né atma paheula-heula”, saperti conto ieu di handap
Asihan Si Burung Pundungi
Nu cunduk bayu si anu
nu datang atmana si éta,
reujeung satineung jeung aing
mangaka datang jeung ragana
mangka cunduk jeung bayuna
mangka baraya jeung satineung
mangka tunggal atmana
iya rasa nira iya rasa nisun
saking purbaning pangéran
asih ka asih ka awaking
nubogoh paboro-boro
nuhayang paheula-heula
nu beuki pagiling-giling
né banyu pagulung-gulung
né atma paheula –heula
mangka reujeung satineung
datungkul geusan jeung sukma
mangka lebur ucus rumangga bayahna
mangka rug-rug sagala
mangka asih ka awaking da urang reujeung sarasa,
da urang reujeung satineung
da urang reujeung sa bayu
daurang reujeung sarasa
da urang reujeung satineung
iya iku asihan sang uleut jati
asihan reumeuk salira.
(tina naskah Kumpulan Mantra: 62)
2.1.3.2 Ajian
Ajian mangrupa mantra anu dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kabedasan, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14) ajian mangrupa mantra nu dipakéna pikeun meunang kakuatan pribadi, sangkan jejem, gedé sima, boga pangabaran, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas jeung awét ngora. Kitu deui pikeun meunang karahayuan, pikeun ngajaga lembur, rajakaya, pepelakan, jeung ingon-ingon.
Karéréaana mah ajian téh dipakéna geusan meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya. Tapi aya ogé anu sok dipaké pikeun maksud nandasa nu lian, nya éta ajian-ajian anu sok diparuhit ku tukang teluh. Ieu di handap conto ajian pikeun meunangkeun kakuatan pribadi
Paranti Asup kana Bilik
Les peteng nu peteng
les leungit tandana peteng
Nini Hanatik leutik
asup kana ruas leutik
awaking Si Raga Ruas
(tina Naskah Kumpulan Mantra:29)
2.1.3.3 Singlar
Singlar nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-silemin, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan nurléla (2008: 15) singlar téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakira sok ngaganggu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, atawa tina gangguan alam kayaning ti nu guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon jeung pepelakan, jeung kasalametan diri. Singlar dipakéna geusan meunang karahayuan, jadi pikeun tujuan-tujuan anu hadé. Ieu dihandap conto singlar paranti ngajauhkeun/panolak tina sagala panyakit
Panolak sagala panyakit
Ong gambang-gambung
teluh katimpuh buta kasinglar
wong sira pada suminggah
ya wisésa
ya aing patapan masdaru
patapan daruni
ratu neluh buta ajur
Si Lumbak Si Atong
Si Ngudak Si Cocolongok
Si Kapulaga sira liman jeneng
ingsun Sutera Mangaya
luwas waluya walaidun desit
cundek kalacalu sipat nabi
Sipat iman iya Rosululloh
(tina Naskah Kumpulan Mantra:28)
2.1.3.4 Rajah
Rajah téh dipapatkeun maksudna salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling, keuna ku panggawé batur, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 15) rajah nya éta mantra anu dipaké paranti ari ngambah alas sanget, muka pihumaeun, nalukkeun siluman-sileman, nulak gawé anu jail, ngaruat, caah atawa hujan, ngajampé anu gering, pamunah impian goréng, jeung sajabana. Éta maksudna mah pikeun meunangkeun karahayuan, dijauhkeun tina gangguan rupa-rupa dedemit jeung siluman-sileman. Ieu di handap conto rajah paranti pamunah hah-hal nu matak ngaganggu kana banda atawa bobogaan
Rajah Pamunah kana Sagala Raja banda
Bisi Keuna ku Longlongan
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Nini Raja Puhara Aki Raja Puhara
ulah idi ka pepelakan aing
maring pare maring sipat sajeneng
kalawan ingsun sasipat
kalawan ingsun maojud maring datulloh
maring sipat béas
sajeneng kalawan isun
maojud maring datulloh
Sri asih ka bangsa tunggal kagungan
Sri suci mulya badan
sampurna tunggal iman
Ambu pancering iman
Bapa tangkaling iman
gagang aing gagang iman
salupih aing dadi lansip
dadi sasip dadi lancip
(tina Naskah Kumpulan Mantra: 34)
2.1.3.5 Jampé
Jampé mangrupa mantra nu dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hadé supaya jadi hadé, cageur, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 15) jampé mangrupa mantra nu dipaké pikeun nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan, upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun, jeung sajabana. Ieu di handap conto jampé anggota badan anu keuna ku panyakit
Paranti Ngajampé Ceuli nu ku Lenyé
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Sri Wilayang wiyat guna mulih guna
Sira mati yamati ya mati ya.
(tina Naskah Kumpulan Mantra: 26)
2.1.3.6 Jangjawokan
Jangjawokan dipapatkeun pikeun ménta kasalametan dina nyorang hiji pagawéan. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 16) jangjawokan téh mangrupa mantra nu dipaké pikeun milampah hiji pagawéan, anu dipalar sangkan pinunjul hasilna, sarta nu milampahna aya dina karahayuan. Dipapatkeun upama urang rék turun, leumpang, diuk, nangtung, midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, ngadeuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jsb. Ieu di handap conto jangjawokan paranti ngala lauk
Paranti Ménta Lauk
Aki Batara Gangga nu ti girang
Aki Batara Ginggi nu ti hilir
aing ménta ingon-ingon
geura top
(tina naskah Kumpulan Mantra: 07)

Langganan:
Postingan (Atom)